Dina eunteung kamar, ngolébat raray Nyi Iteung. Kacipta lenjang nganggo kabaya panjang. Sapeupeuting, KangKabayan ngahariring, teu genah cicing. Sakapeung cindekul ngapalkeun ijab kobul. “Tarima abdi nikah ka Nyi Iteung…”Teu kendat-kendat, katalar pisan. Kang Kabayan seuri sorangan. Tapi sakapeung sora jam dingding ngagiles ketegjajantung, sok laju gura-giru wudu ngumbah guligah. Hayang geura-geura isuk…
Bray, panonpoé beungeut dangding harepan, pating gurilap pakéan Kang Kabayan bakating ku ginding. Aya nu gagahdiabring-abring; haleuang dijajap tembang. Jalma silihbadug, hayam silihtokér, pahareup-hareup deukeut pangantén.
GÉK pangantén dariuk, réréndengan. Cahya kaméra patingburinyay. Teu karasa sasalaman gé, beuki utah sora jelemagé, atuda panon Nyi Iteung lir panon Hawa ka Adam—neuleumkeun raraméan, neuleumkeun badan Kang Kabayan, asa duaan… Gebeg aya nu nepak “buru,ngomong… tarima abdi nikah…kituh” aya nu ngaharéwos tukangeunana bari nyiwit cangkéng. Bari semu aga-eugeu, Kang Kabayan ngomong: “Tarima abdinikah… eu.. ngilangkeun hadats alit…”
Ad-duh… Ki Momon nepak tarang.
sumber : http://manuskripkesunyian.wordpress.com/
Tidak ada komentar:
Posting Komentar