3 Juli 2012

Paribasa Sunda Huruf A.


Abong lÉtah teu tulangan

Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun batur

Adam lali lapel 

Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

Adat ka kurung ku iga 

Adat tèh hèsè digantina. /Lampah gorèng hèsè leungitna.
Adèan ku kuda beureum
Beunghar ku barang tititpan atawa ginding ku pakèan batur. /Ginding ku pakèan meunang nginjeum.
Adigung-adiguna 
Gedè huluboga rasa leuwih ti baturKaciri dina laku-lampahna jeung omongannaAdigungsongong
Agul ku payung butut
Agul ku turunan
Ajak Jawa 
Ngajak anu heunteu saenyanaheunteu terus jeung hatèngan ukur papas baèsangkan ngeunaheun batur.
Uteuk koja 
Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan

Aki-aki tujuh mulud 

Lalaki nu geus kolot pisan
Kuring panggung 
Darèhdèh jeung mèrè mawèhngan hanjakal ku ieu aingasa pangpunjulnapangbeungharna jst.

Kuring-kuring angga 

Ngaku ngaran batur kalawan ngandung maksud hayang mibandaNgaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahanmamrihkahormatan atawa kauntungna
Alak paul 
Tempat anu séjén di kieunangenaan jauhna jeung pisusaheunna. /Jauh pisan.

Alak-alak cumampaka 

Resep jeung hayang dipuji ku baturboga rasa pangpunjulnaAtawa anu handap hayang nyaruaan nu luhurnu hina hayang nyaruaan nu mulia dst.
Alus panggung(alus alur) = alus laurhadè omè 
Tegep dedeg pangadegna
Ambek nyedektanaga midek
Ari napsu pohara gedènangan hanjakal teu kaanteur ku tanagamalum geus ropohNapsu gedè tapi tanaga euweuh.

Ambekna sakulit bawang

Gampang pisan ambek

Amis budi

Hadè paroman

Amis daging

Babari katerap panyakit

Anak emas 

Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahnaTeu kudu ku indung bapana baèbisa ogè ku dununganna.

Anak merak kukuncungan

Turunan anu hadé laku lampahnaluhur budinagalibna sok hadé deui laku lampahnaluhur deui budinacara luluhurna baé.
Anak merak kukuncungan 
Sipat-sipat nu aya di anakbabakuna nu hadèansasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Anak puputon 
Anak nu kacida di dama-damananu pohara di pikanyaahnya
Anjing ngagogogan kalong
Mikahayang nu séjén-séjénanu pamohalan pilaksanaeun. /Mikahayang no moal bakal kasorang
Ari diarah supanakudu dipiara catangna
Naon baé anu mere hasil ka urang kudu diurus bener-bener. /Mikahayang nu séjén-séjén.
Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan
Mupuas ka nu keur cilaka

Ari umur tunggang gunungangen-angen pecat sawed 

Ari umur geus luhurtapi hate ngongoraeun kènèh. /Ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora.
Asa dijual payu
Ngungun duméh nyorangan di panyabaanlaér ti indung ti bapa. /Nunggelis euweuh baturditinggalkeun.
Asa ditonjok congcot 
Meunang kabungah anu gedèanu saenyana teu diarep-arep. /Ngarasa bungah pisan.
Asa ditumbu umur
Boga rasa kahutang budi nu pohara gedénasabab kacida tumarimana ditulungan keur waku nandangan lara atawa meunang karerepet anu gedé.

Asa nanggeuy endog beubeureumna 

Kacida nyaahna
Asa nyanghulu ka jarian
Ngawula ka nu sahandapeun umurpangarti atawa pangalamanana.
Asa potong leungeun katuhu 
Leungiteun jalma anu pohara hadè gawena
Asa teu beungeutan
Awahing ku Éra.
Asa tungkeb bumi alam 
Rarasaan jelema anu pohara bingungnanuju poèk mongklèng pipikiranna
Asa rawing daun ceuli
Teu ngeunah hate ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan batur anu matak teu ngeunah.
Asak warah
Cukup atikan (atikan). Cirinahenteu dusunbasa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah.
Atah anjang
Langka silih anjangan
Atah warah
Kurang atikan (atikan). Cirinadusunbasa jeung paripolahna loba nu salah.
Ati mungkirbeungeut nyanghareup
Palsusiga sonotapi henteuSiga nyaantapi henteu jeung saterusna.
Ati bodasawak bodas
Beresih hatéteu aya geuneuk-maleukmeuk
Awak sabeulah
Teu rimbitanmun ninggang di awéwé teu boga salakimun ninggang di lalaki teu boga pamajikan
Awak sampayaneun
Maké pakéan nu kumaha ogékaténjo pantes atawa lucu bae.
Awak satilas
Jangkung lenjang
Awèwè dulang tinandè
Awèwè nurutkeun kumaha salaki
Aya astana sajengkal 
anu mustahil ogè bisa kajadianUpamanabudak leutik kènèh geus maotsabab sasarina mah nu geus kolot pisan anu maot tèh jst.
Aya bagja teu daulat 
Arèk meunang bagja atawa kauntungantapi teu tulus
Aya di sihung maung
Kulantaran loba kawawuh gegedéandina aya karerepet atawa kaperluan anu penting téhgampang naker meunangna pitulung.
Aya jalan komo meuntas
Aya kahayangémboh aya nu ngajak. /Aya lantaran anu diarep-arep ti tadinanepi ka maksud urang gancang kahontalna. /Aya pijalaneun pikeunngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang. /Eukeur mah aya maksudturug-turug aya pilantaraneunana
Aya jurig numpak kuda
Aya milik nu teu disangka-sangka
Aya peurah 
Aya komaraaya hargaaya pangaji
Aya pikir kadua leutik
Aya kahayang
Aya réngkolna
Aya tulisanna
Ayakan tara meunang kancra 
Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana

Ayem tengtrem 

Tenang taya kasieun 

sumber : http://manuskripkesunyian.wordpress.com/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar