3 Juli 2012

Puisi Sunda Jungjunan (1)


Bongan urang tipungJungjunan
najan saliwat mung tibelat nyegat
renung gumulung ngejat
tingkalacat cilingcingcat
ngagurat bengbat
Cuang-cieung neang katineung
Luak-lieuk meungkeut heuleut kageugeut
pupuntang dina regang kamelang
Ringkang nyorang lolongkrang kahayang
sakapeung keueungPanutan,
sakapeung ludeung
Bongan anjeun imutJungjunan
salawasna nyangreud haleuang implengan
nyangkaruk dina kongkolak panineungan
mung gudawang rasa hariwang
tur tagiwur ku kapaur
inggis imut anjeun lantis ku girimis
Guligah jeung lampah
piligenti niti wanci
Ririh ati neuteuli nganti asih
geumpeur wakcaPanutan,
geumpeur balaka
Bongan anjeun neuteupJungjunan
kasawang bentang tingkariceup
kacipta paheut duaan eunteup
Duh sagara Asihgalura rasa
wening hariringna ngalempengkeun
lungkawing cimata
Niat ngumbara ngumbah jomantara tunggara
najan wirahma kalangkang anjeun
celak laklak ngajauhan
mung tetep karasa deukeutPanutan,
karasa haneut

Tidak ada komentar:

Posting Komentar