3 Juli 2012

Puisi Sunda Jungjunan (2)


Jungjunan
Sok hoyong caang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna anteng neuteup girimis
Mungguhing wirahma rasa wanoja
lir haleuang nu disidem
Ukur wasa naratas implengan
Ngawawaas kumelip wiati-wiati ati
nu pinuh rusiah


Jungjunan
Sok hoyong caang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna meungkeut geugeut nu amis
Tingkaretip ungkara bagja kasawang
dina kembang-kembang lamunan
Gumalindeng jadi purnama katineung
mun laksana dina keukeup kaheman
nu munggaran
Jungjunan
Sok hoyong caang ku kalangkang saha
anjeun ayeuna kapidangdung
Kumalayang melang dina katresna panutan
Geuning asih téh lir kiceup wanci
nu simpe niti ati
Sakapeung inggis diturih cimata tunggara
Sakapeung geulis dina langitna nu cangra
Estuning endah mun asihna satia
Jungjunan
Sok hoyong caang sareng saha
anjeun jaga rumingkang ka tuntung layung
Kacipta bagjaPanutankacipta bagja

Tidak ada komentar:

Posting Komentar