3 Juli 2012

Puisi Sunda Eunteung Katineung.


ayung koneng namperkeun katineung
duriat geus mangsana manjanganjungjunan
nyangsaya nyarandekeun hate
teu wasangelemeng kasaput simpe
ngagerihanmuntang hariwang
didieu pisancihujan nyangkaruk dina lamunan
naha imutna bet teu raat-raat
rumingkang mawa napak tilas
mangsa dua rasa ngagalura
pérang-pérang kalangkangna
miripis mungkas tembang girimis
gulinggasahancuang cieung ngarasa keueung
nedunan katresnangagugulung kasono
kamemelangan
layung koneng namperkeun katresna
namper wening jadi eunteung katineung
aya duriat nu manjanganjungjunan
beueus rasa ku kumelip kiceup kaasih nu lawas
mugia manjangmugia salawasna aya dina ridho Gusti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar