3 Juli 2012

Puisi Sunda Wirahma Aksara

Anaking
Bismillah ngayuga lampahAnaking
Balukar jangar neunggar kahayang
Balukar sasar medar rumingkang
Sing jembar sabar
Tong jadi cawérang ihtiar…Kalangkang beurang sok ngolo
Hariring peuting sok ngadodoho
Raksa rasa ukir pikir
Mun gering tong rungsing
Mun cageur tong badeur
Sujud mun pareng dipinding
Sukur mun pareng dipondong
Kalakuan ceurik jadi jalma leutik
Kalakuan songong abong di gedong
Séjén baturkabeh ge dulur
Neang halalawurkeun amal
Kalakuan lieur ku madu dunya
dumeh perlaya moal sulaya
sumber : http://manuskripkesunyian.wordpress.com/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar